Kishore Kumar Hits

Asep Darso - Sasak Rajamandala lyrics

Artist: Asep Darso

album: The Best Pop Sunda Asep Darso, Vol. 1

Di béh kuloneun péngkolan nu ka Saguling
Aya sasak anu jadi panineungan kuring
Sasak panjang nu nepungkeun Bandung-Cianjur
Liliwatan balaréa, meuntas Walungan Citarum
Nu katelahna, nya Sasak Rajamandala
Sasak cukang palantara cinta kuring jeung manéhna
Cinta mimiti nu cenah hésé pohona
Lami ngancik dina ati, sumelap lilana rasa
Di Sasak Rajamandala
Otél kelét nu munggaran
Rék ngajak pacaket soca
Kalékét haté deg-degan
Ka Sasak Rajamandala
Hayang geura ngaiberan
Yén kuring eujeung manéhna
Kiwari geus baranahan

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists