Kishore Kumar Hits

Darso - Domba lyrics

Artist: Darso

album: The Best Pop Sunda Darso


Miara domba téh dua
Domba bikang duanana
Ayeuna geus ngalobaan
Ngalobaan, aranakan
Ka balad-balad di désa
Ka dulur anu di lembur
Ulah kagét, ulah héran
Ulah nanyakeun jaluna
Bisi jadi masalah
Bisi jadi pitnah
Ulah turut campur
Sabab domba-domba kuring
Domba-domba kuring
Diangon-angon ku kuring
Diparaban ku kuring
Anakna gé anu kuring
Domba-domba kuring
Diangon-angon ku kuring
Diparaban ku kuring
Anakna gé anu kuring
Saha jaluna?
Mana jaluna?
Saha jaluna?
Jaluna mah domba adu asal Garut

Heueuh, dipikir-pikir
Kahirupan beuki dieu asa beuki pabeulit (nya kumaha?)
Ka domba-domba ayeuna
Manya indung boga anak euweuh bapana
Alah, ku saha sabenerna éta téh? (Ku saha ceunah?)
Asa bararingung (hem!)
Lain rék pipilueun urusan rumah tangga batur (heueuh!)
Ieu mah rék pipilueun kana urusan rumah tangga domba
Si Kejul téh!
Miara domba téh dua
Domba bikang duanana
Ayeuna geus ngalobaan
Ngalobaan, aranakan
Ka balad-balad di désa
Ka dulur anu di lembur
Ulah kagét, ulah héran
Ulah nanyakeun jaluna
Bisi jadi masalah
Bisi jadi pitnah
Ulah turut campur
Sabab domba-domba kuring
Domba-domba kuring
Diangon-angon ku kuring
Diparaban ku kuring
Anakna gé anu kuring
Domba-domba kuring
Diangon-angon ku kuring
Diparaban ku kuring
Anakna gé anu kuring
Saha jaluna?
Mana jaluna?
Saha jaluna?
Jaluna mah domba adu asal Garut

Miara domba téh dua
Domba bikang duanana
Ayeuna geus ngalobaan
Ngalobaan, aranakan
Ka balad-balad di désa
Ka dulur anu di lembur
Ulah kagét, ulah héran
Ulah nanyakeun jaluna
Bisi jadi masalah
Bisi jadi pitnah
Ulah turut campur
Sabab domba-domba kuring
Domba-domba kuring
Diangon-angon ku kuring
Diparaban ku kuring
Anakna gé anu kuring
Domba-domba kuring
Diangon-angon ku kuring
Diparaban ku kuring
Anakna gé anu kuring
Saha jaluna?
Mana jaluna?
Saha jaluna?
Jaluna mah domba adu asal Garut

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists