Kishore Kumar Hits

Darso - Linglung lyrics

Artist: Darso

album: Pop Sunda


Ibarat kuring keur ngangkleung
Kabawa caah nu tarik
Dibuntang-banting séokna cai
Di mana teuing nyangsangna
Leungiteun, kuring leungiteun
Bingung rawéleun keur muntang
Rénghap napas pangwéla
Ngawagu ku laku lampah
Tuktek waktu ngalagu
Nguriling jeung pasti
Keueung, duh, keueung
Lamun nempo ka pagéto
Na mana pibekeleun balik?
Hirup ukur ngagulang gapér dosa
Balabuh di sagara nista
Gusti, cimata sumerah diri
Cipruk, ninyuh karumasaan
Abdi, Gusti, nyanggakeun sagalana

Ibarat kuring keur ngangkleung
Kabawa caah nu tarik
Dibuntang-banting séokna cai
Di mana teuing nyangsangna
Leungiteun, kuring leungiteun
Bingung rawéleun keur muntang
Rénghap napas pangwéla
Ngawagu ku laku lampah
Tuk-tek waktu ngalagu
Nguriling jeung pasti
Keueung, duh, keueung
Lamun nempo ka pagéto
Na mana pibekeleun balik?
Hirup ukur ngagulang gapér dosa
Balabuh di sagara nista
Gusti, cimata sumerah diri
Cipruk, ninyuh karumasaan
Abdi, Gusti, nyanggakeun sagalana

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists