Kishore Kumar Hits

Nazmi Nadia - Tepung Munggaran lyrics

Artist: Nazmi Nadia

album: Tepung Munggaran


Duh endahna basa patepung munggaran
Jeung manehna simpay katresna duaan
Aya rasa geter asih, Aya rasa mikaheman
Batin manteng duriat beut ka anjeunna
Unggal dinten hate teh beut kamalayang
Ngemutan kamelang ati nu kasawang
Geuring nangtung gnalanglayung
Tagiwur ratug jajantung
Sesah pisan mapalerkeun ku masketna
Duh panutan iraha atuh iraha
Urang patenung duaan pasini jangji
Lamun pareung laksana ka bale nyungcung
Direnceng renceng di papag ku payung agung
Duh kacipta mun ngabina rumah tangga
Jeung manehna satia nepi ka jaga
Na iraha urang teh bakal laksana
Sasarengan satuhu salalawasna
Unggal dinten hate teh beut kumalayang
Ngemutan kamelang ati nu kasawang
Geuring nangtung ngalanglayung
Tagiwur ratug jajantung
Sesah pisan mapalerkeun ku masketna
Duh panutan iraha atuh iraha
Urang patepung duaan pasini jangji
Lamun pareung laksana ka bale nyungcung
Direnceng renceng di papag ku payung agung
Duh kacipta mun ngabina rumah tangga
Jeung manehna satia nepi ka jaga
Na iraha urang teh bakal laksana
Sasarengan satuhu salalawasna
Sasarengan satuhu salalawasna

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists