Kishore Kumar Hits

Nazmi Nadia - Ulah Ceurik lyrics

Artist: Nazmi Nadia

album: Ulah Ceurik


Cag, di dieu, cag, semet dieu
Lalakon cinta nu urang
Teup, antepkeun, tong diguar deui
Carita cinta nu pegat
Najan kagandrung sagunung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Ahirna urang papisah-pisah
Rék ka saha? Ka urang mana?
Geura milari gentosna
Cig, ka kidul, cig, ka kalér
Kulon-ngétan, moal nyaram
Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun, lain abdi
Urang geus lain-lainna, lain
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten duda
Abdi pasrah jadi randa
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan haté masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, abdi hampura

Rék ka saha? Ka urang mana?
Geura milari gentosna
Cig, ka kidul, cig ka kalér
Kulon-ngétan, moal nyaram
Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun, lain abdi
Urang geus lain-lainna, lain
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten duda
Abdi pasrah jadi randa
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan haté masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, abdi hampura
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten duda
Abdi pasrah jadi randa
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan haté masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, abdi hampura

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists