Kishore Kumar Hits

Nazmi Nadia - Akar Cinta lyrics

Artist: Nazmi Nadia

album: Akar Cinta


Naha angin anjeun heunteu mawa beja
Naha bentang anjeun teu ucap carita
Bulan ge taya nyaangan
Mega hideung nu nutupan
Ka kuring nu keur nyorangan
Poek peuting mareungan pikir nu geuring
Hate nguyung emut kanu lawas pundung
Miang ninggalkeun kalangkang
Ilang nitipkeun kameulang
Ka kuring nu keur kasmaran
Naon atuh nu jadi cukang lantaran
Murka hate nu taya hampura pisan
Anjeun nu nyaah tur heman
Pinuh ku kasatiaan
Kiwari tinggal lamunan
Akar cinta anu meulit dina rasa
Lesot udar tina beungkeutan ka tresna
Teu nyana kieu jadina
Teu sangka dina ahirna
Tunggara kuring jadina
Anjeun kaniyaya
Poek peuting mareungan pikir nu geuring
Hate nguyung emut kanu lawas pundung
Miang ninggalkeun kalangkang
Ilang nitipkeun kameulang
Ka kuring nu keur kasmaran
Naon atuh nu jadi cukang lantaran
Murka hate nu taya hampura pisan
Anjeun nu nyaah tur heman
Pinuh ku kasatiaan
Kiwari tinggal lamunan
Akar cinta anu meulit dina rasa
Lesot udar tina beungkeutan ka tresna
Teu nyana kieu jadina
Teu sangka dina ahirna
Tunggara kuring jadina
Anjeun kaniyaya

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists