Kishore Kumar Hits

SambaSunda - Medley Tabeuh Riweuh: Waru Doyong / Bandung Hideung / Laras Konda lyrics

Artist: SambaSunda

album: Return to the Greatest


Bambung hideung boro-boro teuing di candak
Leuheung bari dianggo ka suka galih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareung bebendu salira joag
Awiiii teh pangajul buah
Lantaran teu kitu deui
Sora bedil luhur mega paripaos
Teu paya lepat sakedik
Diri abdi kagamparan
Eeee banondari, nu geulis kawanti wanti
Nu endah ngabalik warna puputon kembang
Kadaton
Jungjunan,
Lamun teu kauntun tipung, katambang beas,
Laksana kapiduriat
Matak paeh ngabae bangke
Matak edan leuleuweungan
Matak paeh ngabae bangke...
Matak edan leuleuweungan...
Aduh alah ieung, da leuleuweungan...
Aya uceung, paribasa
Sarung bantal mung ku seep saputangan hiji
Ceurik balas ku nalangsa, abdi nalangsa
Nguping hujan tengah weungi diimah keueung
Sorangan
Nguping hujan tengah weungi diimah keueung
Sorangan
...diimah keueung sorangan...
Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
Aduh alah ieung asa luhureun...
Jung nangtung asa lanjung
Gek duk diuk asa tiguling
Leumpang asa da ngalongkewang.

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists