Kishore Kumar Hits

Darso - Karebab Cinta lyrics

Artist: Darso

album: Tembang Abadi (Pop Sunda)


Haté karérab cinta
Panas pisan rasana
Diri teu walakaya
Nempo manéhna keur duaan
Jangjina mah aduhay
Amis leuwih ti gula
Sumpahna meuni hébat
Wani kabéntar gelap, rék satia
La-la-la-la-la-la-la
Insya Allah, teu bohong
La-la-la-la-la-la-la
Manéhna gedé wadul
Aduh, aduh, aduh
Mana teuing kuciwana
Diri anjeun mani téga
Geus sulaya kana jangji
Aduh, aduh, aduh
Nyeri haté taya dua
Pait peuheur karasana
Gara-gara cinta anjeun
Meuni nyolok, mata nyolok (meuni nyolok, mata nyolok)
Kuring gé hayang malédog (kuring gé hayang malédog)
Meuni nyolok, mata nyolok (meuni nyolok, mata nyolok)
Kuring gé hayang malédog
Tapi sieun, sieun, sieun dicolok
Takut, ah
Ngumpet, yuk
Takut, ih

Jangjina mah aduhay
Amis leuwih ti gula
Sumpahna meuni hébat
Wani kabéntar gelap, rék satia
La-la-la-la-la-la-la
Manéhna gedé bohong
La-la-la-la-la-la-la
Manéhna gedé wadul
Aduh, aduh, aduh
Mana teuing kuciwana
Diri anjeun mani téga
Geus sulaya kana jangji
Aduh, aduh, aduh
Nyeri haté taya dua
Pait peuheur karasana
Gara-gara cinta anjeun
Meuni nyolok, mata nyolok (meuni nyolok, mata nyolok)
Kuring gé hayang malédog (kuring gé hayang malédog)
Meuni nyolok, mata nyolok (meuni nyolok, mata nyolok)
Kuring gé hayang malédog
Tapi sieun, sieun, sieun dicolok
Aduh, takut, takut

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists