Kishore Kumar Hits

Darso - Duriat lyrics

Artist: Darso

album: Tembang Abadi (Pop Sunda)


Dina haté kuring, anjeun cicing
Dina haté anjeun, kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat
Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling néangan lawang
Pating kaletrok kana panto haté
Tapi ku urang teu di paliré
Duriat, teu bisa digantian ku rupa
Duriat, teu bisa dihilian ku harta
Duriat, teu bisa diaya-aya
Duriat, datangna henteu kapaksa
Digodegkeun dina haté ti dituna
Diguratkeun tina rasa ti dituna
Dibuka, dibaca ku urang duaan
Dijaga, diriksa pinuh rasa ka héman

Dina haté kuring, anjeun cicing
Dina haté anjeun, kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat
Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling néangan lawang
Pating kaletrok kana panto haté
Tapi ku urang teu di paliré
Duriat, teu bisa digantian ku rupa
Duriat, teu bisa dihilian ku harta
Duriat, teu bisa diaya-aya
Duriat, datangna henteu kapaksa
Digodegkeun dina haté ti dituna
Diguratkeun tina rasa ti dituna
Dibuka, dibaca ku urang duaan
Dijaga, diriksa pinuh rasa ka héman

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists