Kishore Kumar Hits

Darso - Cadas Pangeran lyrics

Artist: Darso

album: Tembang Abadi (Pop Sunda)


Lamun tumpak kendaraan
Antara Bandung-Sumedang
Urang bakal ngaliwatan
Jalan nu matak hariwang
Kawuwuh unggal péngkolan
Mipir pasir, mapay jungkrang
Matak muringis nénjona
Baluas ningal lewangna
Cadas Pangéran
Baheula hujan cimata
Di dieu pisan
Korban jeung katelengesan
Cameti getih
Ngaheumbat lara, balangsak
Rangkeuyan bagja
Iraha arék pungkasna?
Baheula di dieu pisan
Pangéran Cornell tatandang
Ngabéla rébuan jiwa
Sajarah geusan saksina

Lamun tumpak kendaraan
Antara Bandung-Sumedang
Urang bakal ngaliwatan
Jalan nu matak hariwang
Kawuwuh unggal péngkolan
Mipir pasir, mapay jungkrang
Matak muringis nénjona
Baluas ningal lewangna
Cadas Pangéran
Baheula hujan cimata
Di dieu pisan
Korban jeung katelengesan
Cameti getih
Ngaheumbat lara, balangsak
Rangkeuyan bagja
Iraha arék pungkasna?
Baheula di dieu pisan
Pangéran Cornell tatandang
Ngabéla rébuan jiwa
Sajarah geusan saksina

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists