Kishore Kumar Hits

Darso - Bulan Bisa Nyowara lyrics

Artist: Darso

album: Tembang Abadi (Pop Sunda)


Mun bulan bisa nyowara
Aya batur keur nyarita
Meureun kuring rék talatah
Duh, arék talatah
Pangnepikeun ieu rasa
Caritakeun ka manéhna
Sakalian pangnanyakeun
Naha henteu lali jangji?
Sora angin tengah peuting
Ngoyagkeun tangkal kamuning
Hawar-hawar sora suling
Nu anteng mirig hariring
Bulan ngan kari sapasi
Enggeus teu nyaangan deui
Ayeuna kuring nyorangan
Jempling peuting nu maturan
Mun bulan bisa nyowara
Aya batur keur nyarita
Meureun kuring rék talatah
Duh, arék talatah
Sora angin tengah peuting
Ngoyagkeun tangkal kamuning
Hawar-hawar sora suling
Nu anteng mirig hariring
Bulan ngan kari sapasi
Enggeus teu nyaangan deui
Ayeuna kuring nyorangan
Jempling peuting nu maturan

Поcмотреть все песни артиста

Other albums by the artist

Similar artists